BASIC Angkasa Art
Would you like to react to this message? Create an account in a few clicks or log in to continue.
Latest topics
» teuing kamarana
Tembang Cianjuran EmptyMon Dec 30, 2013 11:08 am by abahBAA

» Revolusi GALAKSI 2012
Tembang Cianjuran EmptyMon Sep 24, 2012 12:01 am by Dabros

» Coretan Corel Draw
Tembang Cianjuran EmptySun Sep 23, 2012 11:09 pm by Dabros

» go to Sawarna
Tembang Cianjuran EmptySun Sep 23, 2012 10:46 pm by Dabros

» coba posting gambar
Tembang Cianjuran EmptySun Sep 23, 2012 10:13 pm by Dabros

» tak kenal maka tak apal
Tembang Cianjuran EmptySun Sep 23, 2012 9:59 pm by Dabros

» Huuuuuuuuuuuuuuuuuuuhhhhhhhhhhhh
Tembang Cianjuran EmptyWed May 11, 2011 12:10 am by yan

» Arti Kata Sunda
Tembang Cianjuran EmptyThu Apr 21, 2011 11:28 pm by yan

» Karawitan (seni anu matak waas)
Tembang Cianjuran EmptyThu Apr 21, 2011 11:11 pm by yan

» Download Lagu Sunda
Tembang Cianjuran EmptySat Apr 16, 2011 12:28 pm by aqyana

» jigana, ieu mah....
Tembang Cianjuran EmptyFri Apr 15, 2011 11:36 pm by yan

» OROK GAYA TAH BARUDAK!!!
Tembang Cianjuran EmptyThu Apr 07, 2011 9:40 pm by yan

» paribasa sunda
Tembang Cianjuran EmptyThu Apr 07, 2011 12:17 am by yan

» """""""""""MERDEKA!!!!!!!!!!!!!!
Tembang Cianjuran EmptyWed Apr 06, 2011 8:11 pm by yan

» TEU KAWENGKU KU UNGKARA
Tembang Cianjuran EmptyTue Apr 05, 2011 11:14 pm by yan

RSS feeds


Yahoo! 
MSN 
AOL 
Netvibes 
Bloglines 


April 2024
MonTueWedThuFriSatSun
1234567
891011121314
15161718192021
22232425262728
2930     

Calendar Calendar


Tembang Cianjuran

2 posters

Go down

Tembang Cianjuran Empty Tembang Cianjuran

Post  yan Wed Mar 23, 2011 11:12 pm

Tembang Cianjuran mangrupakeun seni vokal Sunda nu dibarengan ku alat musik kacapi indung, kacapi rincik, suling, jeung rebab. Asalna mah, di tempat borojolna, Cianjur, kasenian ieu téh disebutna mamaos. Dingaranan tembang Cianjuran sotéh ti taun 1930-an, anu lajeng dikukuhkeun taun 1962 dina Musawarah Tembang Sunda sa-Pasundan di Bandung.
Sajarah
Mamaos kabentuk dina mangsa pamaréntahan bupati Cianjur RAA Kusumaningrat (1834—1864) anu sok ngarang ieu tembang di hiji wangunan nu disebut Pancaniti. Kusabab kitu, anjeunna katelah Kangjeng Pancaniti.
Mimitina, mamaos ditembangkeun ku lalaki, sarta kakara ilahar diteuleuman ku wanoja kira parapat abad ka-20. Ti harita, mimiti panembang wanoja pating pucunghul, kayaning Rd. Siti Sarah, Rd. Anah Ruhanah, Ibu Imong, Ibu O’oh, Ibu Resna, jeung Nyi Mas Saodah.
Mamaos téh dimekarkeun tina seni pantun, nu ciri utamanya nyaéta ayana kacapi katut cara maénkeunana. Lalaguanana ogé ampir sakabéhna tina carita pantun, di antarana carita Pantun Mundinglaya Dikusumah. Lajeng, ieu seni soara téh mekar ogé migunakeun beluk (mamaca), degung, sarta tembang macapat Jawa: pupuh. Lagu-lagu mamaos nu dicokot tina seni pantun disebutna lagu pantun atawa papantunan, atau disebut ogé lagu Pajajaran, dicokot tina ngaran karaton Sunda di Bogor bihari. Lagu-lagu nu asalna tina bahan pupuh disebut tembang, nu duanana nurut kana aturan rumpaka. Ka dieunakeun, aturan nyieun rumpakana jadi leuwih bébas, bisa nyampur.
Dina mangsa pamaréntahan bupati RAA Prawiradireja II (1864—1910), mamaos sumebar ka wewengkon lianna, nu utamana diluluguan ku Rd. Écé Majid Natawireja (1853—1928). Anjeunna sering diulem ngawulang mamaos ka kabupatén-kabupatén di Priangan, di antarana ku bupati Bandung RAA Martanagara (1893—1918) jeung RAA Wiranatakusumah (1920—1931 & 1935—1942). Nalika ieu mamaos sumebar ka wewengkon séjén, lajeng ieu seni soara téh jadi katelah tembang Cianjuran. Kitu ogé nalika radio NIROM Bandung taun 1930-an nyiarkeun ieu kasenian, disebutna téh tembang Cianjuran.
Pintonan
Sabenerna istilah mamaos mah ukur nujul ka lagu-lagu nu polana pupuh (tembang), lemesna tina mamaca: seni maca buku carita wawacan ku cara ditembangkeun. Buku wawacan nu migunakeun aturan pupuh ieu aya nu dilagukeun ku téhnik rancag jeung téhnik beluk.
Lagu-lagu mamaos larasna pelog (degung), sorog (nyorog, madenda), saléndro, jeung mandalungan. Dumasar kana asal jeung watek laguna, mamaos digolongkeun kana sababaraha wanda: papantunan, jejemplangan, dedegungan, jeung rarancagan. Kiwari, aya ogé tambahan jenis kakawén jeung panambih salaku wanda nu mandiri. Lagu-lagu mamaos tina jenis tembang lolobana migunakeun pola pupuh kinanti, sinom, asmarandana, dangdanggula, jeung sababaraha pupuh lianna.
Lagu-lagu dina wanda papantunan di antarana Papatat, Rajamantri, Mupu Kembang, Randegan, Randegan Kendor, Kaléon, Manyeuseup, Balagenyat, Putri Layar, Pangapungan, Rajah, Gelang Gading, Candrawulan, jsb., sedengkeun dina wanda jejemplangan di antarana Jemplang Pangantén, Jemplang Cidadap, Jemplang Leumpang, Jemplang Titi, Jemplang Pamirig, jsb. Wanda dedegungan di antarana Sinom Degung, Asmarandana Degung, Durma Degung, Dangdanggula Degung, Rumangsang Degung, Panangis Degung, jsb. Wanda rarancagan di antarana Manangis, Bayubud, Sinom Polos, Kentar Cisaat, Kentar Ajun, Sinom Liwung, Asmarandana Rancag, Setra, Satria, Kulu-kulu Barat, Udan Mas, Udan Iris, Dangdanggula Pancaniti, Garutan, Porbalinggo, Erang Barong, jsb. Wanda kakawén di antarana Sebrakan Sapuratina, Sebrakan Pelog, Toya Mijil, Kayu Agung, jsb. Wanda panambih di antarana Budak Ceurik, Toropongan, Kulu-kulu Gandrung Gunung, Rénggong Gedé, Panyileukan, Selabintana, Soropongan, jsb.
Tina awalna nu mangrupa tembang hiburan alat silaturahmi di antara para ménak, mamaos kiwari geus jadi seni hiburan komersil sakumaha kasenian umumna, dipintonkeun dina rupa-rupa acara, sarta asup ka studio rékaman.
sumber : Ganjar Kurnia. 2003. Deskripsi kesenian Jawa Barat. Dinas Kebudayaan & Pariwisata Jawa Barat, Bandung.
yan
yan

Jumlah posting : 44
Join date : 20.03.11
Age : 40
Lokasi : bekasi

http://kuakrbahagia.blogspot.com/

Kembali Ke Atas Go down

Tembang Cianjuran Empty Re: Tembang Cianjuran

Post  kodir Wed Mar 23, 2011 11:20 pm

nice thread...

eta teh salah sahiji seni/budaya asli jawa barat..
nya atuh ngarana cianjur-an...

jangan sampai punah..!!
kodir
kodir

Jumlah posting : 33
Join date : 19.03.11
Lokasi : depan monitor

http://paudcahayabunda.blogspot.com

Kembali Ke Atas Go down

Kembali Ke Atas


 
Permissions in this forum:
Anda tidak dapat menjawab topik